Rumpaka nyaéta puisi anu sok dilagukeun, boh dikawihkeun boh ditembangkeun. Rumpaka kawih sunda
mah tangtu baé dikawihkeun. Upama nilik kadinya, éta rumpaka kawih diwangun ku dua unsur, nyaéta rumpaka
jeung lagu. Rumpaka raket patalina jeung sastra ( puisi ), ari lagu raket patalina jeung karawitan ( seni musik ). Tah
dina pangajaran basa mah leuwih museur kana unsur rumpakana, anu kaasup kana kasusastraan nyaéta puisi.
Sanajan ti kitu, taya salahna mun urang bisa ngalagukeun atawa ngahariringkeun rumpaka anu keur dipedar dina ieu
pangajaran.
Upama nilik kana rumpaka kawih sunda buhun, umumna mangrupa sisindiran, nyaéta puisi anu diwangun ku
cangkang jeung eusi. Wangun kecapna murwakanti jeung ngagunakeun mamanis basa, dina rumpaka kawih sunda
kuari, saperti anu aya dina kawih “ Kampung Adat kasepuhan “ , “ Budak Jalanan “, jeung “ Ngarengkong “.
Upama nilik kana rumpaka lagu “ Kampung Adat Kasepuhan “, dina sapadana diwangun ku lima padalisan.
Tapi jumlah engang dina sapadalisanana henteu salilana dalapan engang, sakumaha biasana sisindiran. Hal éta
lantaran diluyukeun jeung kabutuh wirahma laguna.
Dina kamekaranana kuari, rumpaka kawih sunda leuwih lega ambahanana, utamana mah dina perkara
wangunna. Henteu ngan saukur wangun sisindiran. Komo kuari mah lolobana rumpaka lagu éta mangrupa sajak
bébas baé.
Salian ti éta aya deui lagu sunda anu rumpaka asalna éta mangrupa sajak, saperti sababaraha lagu sanggian
Mang Koko Koswara. Di antarana baé lagu “ Dina Jandéla “ jeung “ Kembang Impian “ rumpakana tina sajak beunang
Dedy Windyagiri, “ Kembang Tanjung Panineungan “ jeung “ Malati ti Gunung Guntur “ tina sajak beunang Wahyu
Wibisana, “ Hari-ring nu Kungsi Nyanding “ beunang Winarya Artadinata, jeung “ Peuting Pangharepan “ beunang
RAF.
Kuari sajak-sajak anu dijadikeun rumpaka lagu anu ditembangkeun éta sok disarebutna “ musikalisasi puisi “.
TUGAS !
Téangan harti-harti kecap bagian anu digaris handapan.